TUKANG BASO DI TANJAKAN ÉRÉNG
ku: Agus Mulyana/Yosi Agustiawan
Soré kénéh gé geus béak baso mah. Balik peuting sotéh bari sakalian lalajo wayang di nu hajat. Mang Ena, tukang baso urang Pasirangin karanjingan pisan lalajo wayang golék. Harita gé nya kitu, sanggeus pépérén daganganana, tuluy milu nagog lalajo wayang di nu kariaan ngawinkeun di Kampung Bojongséro.
Liwat tengah peuting, Mang Ena kakara inget yén engké subuh kudu nganteur pamajikanana ka Purwakarta. Jadi, sanajan carita wayang can tamat, manéhna maksakeun balik. Handeueulna mah nataku, da panasaran.
Ti Bojongséro ka Pasirangin téh teu sakumaha jauhna. Ngan jalanna tetewang wungkul, matak sieun nu borangan. Tapi pikeun Mang Ena mah geus biasa ieuh. Teu jadi halangan. Motorna maju lalaunan, teu bisa gancang sabab mawa ancak baso nu diperenahkeun dina jok tukang, siga kalolobaanana tukang baso jaman kiwari.
Kaayaan poék meredong, cahaya bulan kahalangan ku méga hideung, siga nu sabreg-bregeun rék hujan. Lebah tanjakan Éréng, motorna ngagaléong ka sisi, bis waé nyuksruk kana solokan. Panasaran, eureun heula. Paingan atuh ban tukang motor téh bitu. Mang Ena ngahuleng bingung. Mun teu mawa ancak baso mah teu jadi bangbaluh rék dipaksakeun wé, didurugdugkeun. Ari ieu apan beurat.
Ti béh hareup, katempo aya jalma leumpang ka lebah manéhna. Rada bungah, sugan wé bisa dipéntaan tulung, nyurung motor ngaliwatan tanjakan Éréng. Geus liwat tanjakan mah tinggal nungtun ka lebakkeun. Nu tadi leumpang ngadeukeutan, Mang Ena ngagebeg. Reuwas pohara. Tuur nyorodcod awak ngeleper, nempo jirim leumpang euweuh sirahan. Untung kaburu sadar, motor disetandarkeun, gog manéhna cingogo embung nempo jirim nu leumpang peuntaseun jalan. Manéhna peureum bari babacaan, nyumput handapeun ancak basona.
Geus rada lila, nyah beunta. Nempo ka peuntaseun jalan. Euweuh nanaon. Mang Ena maksakeun cengkat. Teu luak-lieuk deui, clak motor ditumpakan, rek dipaksa didurugdugkeun. Keun waé vélek motor ancur gé, tibatan kudu cicing di dinya. Tapi anéh, motor teu bisa maju. Beurat kacida! Panasaran rét ka tukang. Taya nanaon. Alak-ilik bisi aya batu nu ngaganjel kana ban, tapi sidik euweuh.
Keur kitu, gorobas, gajleng, aya nu luncat ti gawir ka walungan di lebak. Mang Ena ngayekyek, awakna siga nu muriangan. Teu tahan ku kasieun nu pohara. Motor dipaksakeun ditungtun. Maju lalaunan. Jajampéan sagala dirapalkeun, sugan bisa nyinglar ririwa nu ngaheureuyan manéhna.
Antukna nepi ka tungtung tanjakan. Rada ngemplong meueusan. Di walungan handap kadéngé sora nu gogorowokan ménta tulung. Mang Ena teu wani ngalieuk. Noyod wé nungtun motorna. Ngan, teu ku hanteu. Di béh hareup sisi jalan, katempo aya awéwé nangtung bari nanggeuy mangkok. Sidik pisan kasorot ku lampu motorna. Mang Ena ngarandeg. Teu wani nyampeurkeun nu megat siga rék meuli baso.
“Anya kényéh masonya, Mang?” cenah, sorana ngirung.
“Euweuh, geus béak!” Ceuk Mang Ena timbul wawanénna. Teu antaparah, kop kana batu, belewer dibalédogkeun. Les jirim awéwé téh ngaleungit.
“Haram jadah kieu-kieu teuing mah! Dilawan siah ku aing!” ceuk Mang Ena susumbar. Tina sieun nu pohara jadi malik wani, kasurung ku kaambek ngarasa diteungteuinganan ku mahluk nu karitu.
Nepi ka imah késang luut-léét. Capé, reuwas, soak, jeung ambek pagalo ngahiji. Ngan basa pamajikanana nyampeurkeun bari nyarita, “Asa bau hangseur, Kang!” Mang Ena ngaléos ka sumur bari nutupan calana hareup ku dua dampal leungeunna. Sidik baseuh!***
Pasirangin, 27/01/2020
Komentar
Posting Komentar